Wawacan
sajarah
Ditilik tina sajarahna, gelarna wawacan téh sabada sastra sunda kapangaruhan ku sastra jawa, pangpangna Mataram. Dina abad ka-17 M, asupna wawacan ka tatar sunda téh babarengan jeung asupna basa Jawa ka wilayah Jawa Barat,
ku pangaruhna kakawasaan Mataram. Saterusna basa Jawa téh mangrupa basa
resmi nu digunakeun ku pamaréntahan mangsa harita, nepikeun ka
pertengahan abad ka-19. Sanggeus kitu tulisan basa sunda téh digunakeun deui di Jawa Barat.
Papasingan Wawacan
Eusi wawacan rupa-rupa, aya nu nyaritakeun carita Nabi ( Wawacan Nabi Paras, Wawacan Mi'raj Kangjeng Nabi Muhammad SAW, Wawacan Sajarah Ambiya, Wawacan Layang Syékh jsb ), babad
( Babad Cirebon, Babad Banten, Babad Timbanganten, Babad Dogdog,
jsb ) , nepikeun wawacan anu eusina ngeunaan tatanén jeung ubar aya
sabab leuwih bisa dibaca ku masarakat ti batan ditulis dina wangun prosa
lancaran.[2] Tapi lolobana wawacan mangrupa wangun fiksi boh éta dina basa Sunda boh wawacan nu ti basa Jawa saperti : Wawacan Rengganis, Wawacan Damarwulan, Wawacan Angling Darma, Wawacan Dewa Ruci, jsb.[2]
Tidak ada komentar:
Posting Komentar