Si Kabayan Moro Uncal
Urang
kampung geus saraged, maké calana sontog, samping dibeubeurkeun kana
cangkéng, bedog panjang nyolégréng. Sawaréh marawa tumbak. Anjing ragég
geus hayangeun geura ngudag boroan ka leuweung.
Nénjo
batur saraged téh Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manéhna mah
ngaléléké, maké sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog,
manéhna mah kalah mawa péso raut.
“Keur naon mawa péso raut, Kabayan?” tatanggana nanya.
“Keur nyisit uncal,” jawabna.
Nu rék
moro laju indit. Tepi ka leuweung, der ngasruk. Anjing ragég ti kulon,
ti kalér, ti wétan. Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah
kidul, lebah bubulak.
Ari Si Kabayan misahkeun manéh. Manéhna mah nangtung handapeun tangkal jambu batu bari tatanggahan, néangan jambu asak.
Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero, “Pegaat…!”
Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol téh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.
Si
Kabayan can nyahoeun uncal. Cék pangirana uncal téh sagedé anak embé. Nu
matak barang nénjo sato nu siga kuda bari tandukan téh, ngan térékél wé
manéhna naék kana tangkal jambu. Teu bisa luhur naékna téh da kagok ku
sarung. Manéhna nangkod kana dahan panghandapna, sarungna ngoyondon.
Kabeneran uncal téh lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun kaparud ku tanduk uncal nu sakitu ranggahna.
Si
kabayan teu kira-kira reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti
handap. Ari diténjo horéng tanduk uncal téh meulit kana sarungna. Uncal
ngarengkog, tuluy babadug hayang ngalésotkeun tandukna. Kadéngé
ambekanan hos-hosan. Si Kabayan beuki pageuh muntangna, uncal beuki rosa
ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh kabeulit ku sarung. Si
Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan.
“Tuluuuuung….tuluuunngg…., ieu aing ditubruk uncal…!” Si Kabayan gegeroan ménta tulung.
Teu
lila burudul nu moro nyalampeurkeun. Nénjo uncal abrug-abrugahn téh, teu
antaparah deui belewer wé ditumbak. Uncal ngajéngjéhé. Jekok-jekok pada
ngadékan tepi ka rubuhna. Uncal ngajoprak. Si Kabayan gé ngalungsar
gigireunana bari rénghap ranjug.
Nu ngariung uncal hélokeun.
“Kumaha ditéwakna ucal sakieu badagna, Kabayan?”
Si
Kabayan nangtung lalaunan bari cungar-cengir., “Ah gampang. Uncal
mengpengan ka handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus
deukeut, dirungkup wéh tandukna ku sarung . Tuh geuning sarungna ogé
tepi ka rangsak saroéh. Geus karungkup mah teu hésé, kari marieuskeun wé
tandukna.”
Saréréa gogodeg. Ari Si Kabayan padamuji téh nyéréngéh wé bari ngusapan tuurna nu barared.
Uncal pada ngarecah. Si Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan.
(Tina Gapura Basa Jilid 2, Karya Drs. Hidayat Suryalaga, spk.)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar