Si Kabayan Ngadeupaan Lincar
Béda
deui jeung tatangga Si Kabayan, bandar munding anu kacida beungharna.
Sawahna lega, kebonna puluhan héktar, imahna gé nya gedé nya agréng.
Sakali
mangsa tatangga Si Kabayan téh hajat gedé, ngawinkeun anakna. Ondangana
kacida lobana, boh ti nu jauh boh ti nu deukeut. Carék wiwilanganana
salembur éta mah diondang kabéh, iwal Si Kabayan.
Si
Kabayan jeung pamajikanana teu kira-kira waé nalangsaeunana. Tuluy waé
Si Kabayan téh ngalaan baju, kencling indit ka pipir imah nu boga hajat,
pék ngadeupaan lincar.
“Sadeupa, dua deupa, tilu deupa, …,” cenah.
Sémah
kacida kagéteunana, nénjo kalakuan Si Kabayan kitu téh. Saréréa ngariung
nénjokeun Si Kabayan ngadeupaan imah nu boga hajat.
Pribumi
ogé norojol; barang ngadéngé rebut-ribut di luar téh, gancang kaluar.
Ari rét ka Si Kabayan, manéhna ngajenghok, tuluy nanya ka Si Kabayan.
“Ku naon Kabayan, manéh téh ngadeupaan lincar? Bet éta jeung teu dibaju kitu, kawas budak waé.”
Témbal Si Kabayan, “Wah, mun kolot gé diondang.”
Nu boga hajat pohara éraeunana, rumasa ngabéda-béda jelema. Gancang waé nyarita.
“Kapan
ti kamari gé diondang. Manéhna mah sok pohoan. Gancang balik, dibaju
heula, engké ka dieu, sakalian bawa pamajikan,” kitu ceuk nu boga hajat
téh.
Si Kabayan kacida atoheunana.
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapus