resensi novel Baruang Ka Nu Ngarora
Judul Buku : Baruang Ka Nu Ngarora
Pangarang : D.K. Ardiwinata
Taun terbit : 1914
Kandelna buku : 148 Kaca
Eusi :
Novel
Ieu teh miboga Maksud anu hade nyaeta mere conto yen jalma anus ok
ngalajur nafsu teh matak cilaka ka manehna tur ka kulawargana. Ieu Novel
teh nyaritakeun dua lingkungan dina jaman baheula.
Nu geus kawentar
nyaeta lingkungan bangsawan jeung lingkungan pedagang (rahayat biasa).
Dina ieu novel oge remen nyampak kabiasaan kabiasaan dina jaman harita,
nu harita mah dijadikeun sarana hiburan, jeung sifatna kaagamaan nu
ayeuna geus euweuh laratanana lantaran geus kapangaruhan ku budaya
global nu mangrupa – rupa.
Salian
ti eta, oge aya kabiasaan jaman baheula nu kurang layak nyaeta sok
sawenang wenang nu akhirna ngabalukarkeun sikep nu handap kana hak
manusa sewang sewangan.
Baruang
ka nu ngarora nyaritakeun atawa ngalakonkeun Ujang Kusen, Nyi Rapiah,
jeung Aom Usman dina jaman menak sok sawenang wenang (feodalisme). Aom
Usman hoyongeun pisan ka nyi rapiah, tapi nyi rapiah geus jadi pamajikan
Ujang Kusen. Ku Aom Usman, terus we nyi Rapiah teh diberik sangkan
beunang, nepi ka nyi Rapiah pepegatan jeung Ujang Kusen, sanggeus
pepegatan nyi rapiah dikawin ku Aom Usman nepi ka di wayuh, Aom Usman
kawin deui kanu sadarajat jeung manehna nyaeta Agan Sariningrat. Ari
Ujang Kusen di hukum bui di buang ka Surabaya kusabab ku bapana dituding maling duit anu minantuna.
About these ads
Lieur euy, hmmm...
BalasHapus