Si Kabayan Ngala Tutut
Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”
Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.
Léos
Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong
tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna
pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong
kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu
jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh
kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu
sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi
ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan
ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”
Geus
kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang,
dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti
kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si
Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya
beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku
leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap,
talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu
mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta
leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran.
Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur
ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah.
Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.
Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”
Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.”
Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.
Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”
Tina Lima Abad Sastra Sunda.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar