Tarekah
pikeun Ngaronjatkeun Kualitas Manajemen/Ngokolakeun jeung Ngalaksanakeun Kawijakan Lembaga Tempat
Ngabdikeun Diri
Ngatik
jeung ngadidik mangrupa pancen lulugu pikeun para guru. Eta pancen teh kawilang
beurat sabab guru diperedih mampuh medarkeun para nonoman sirung-sirung panerus
bangsa anu pinunjul. Pikeun ngahontal eta tujuan guru kudu terus motekar
ngaronjatkeun karep sarta kaparigelan pikeun ngokolakeun diri atawa manajemen diri katut lembaga tempat
ngabdikeun diri. Sim kuring baris medar sawatara hal anu kudu dipimilik katut
ditatahar ku para guru supaya hasil dina pancenna sarta malar pagawean guru teh
tetep disawang salaku pagawean anu luhur ajen-inajen darajatna boh dina
sawangan masarakat kamari, kiwari katut pingburi.
Guru
teh kudu jadi tuladeun, hiji dedeg anu digugu jeung ditiru ku muridna ulah jadi
dedeg anu wagu jeung kuru. Guru kudu
jadi dedeg figur hiji jalma anu satincak paripolahna henteu sulaya tina
ucapanna, komo deui pikeun guru basa Sunda mah tindak-tanduk sarta ucapanna teu
meunang mengpar tina tatakrama kasundaan. Contona dina ngalarapkeun undak-usuk
basa Sunda, boh nu lemes keur urang boh nu lemes keur batur atawa basa loma. Kiwari undak-usuk basa Sunda teh arang pisan
digunakeun ku para murid kalawan bener. Salaku muslim urang boga pancen pikeun
ngadegkeun akhlak nu Islami. Lamun sakabeh guru boga dedeg anu digugu jeung
ditiru boh dina tatakramana kasundaan boh
dina akhlakna tinangtu udagan pikeun ngawujudkeun murid salaku jalma anu masagi
dina elmu pangaweruh, hade gogog hade tagog, sarta mulya akhlakna bisa
kacumponan. Antukna visi anu jembar (holistik) tina proses diajar saumur hirup
(long live education) geusan ngahontal manusa anu mibanda akhlakulkarimah,
manusa anu bisa nyangharepan paneka jaman bisa kasubadanan.
Hal
anu saterusna nyaeta guru diperedih boga karep anu gede dina ngaronjatkeun
kaparigelan ngalarapkeun metode katut pamarekan dina nepikeun pangajaran, nepi
ka nimbulkeun daya panarik jeung daya karep anu gede ti para murid ilu biung dina
lumangsungna proses diajar. Guru kudu tapis sarta parigel nalika milah sarta
milih metode mana nu luyu keur materi ieu, mana nu payus keur
materi itu. Metode atawa cara sarta tehnik pangajaran mangrupa komponen anu
gede pangaruhna kana kalancaran
lumangsungna proses diajar
ngajar. Metode anu disusun
kudu luyu jeung karakteristik
tujuan jeung situasi anu
bakal dihontal. Kiwari euyeub
pisan pamarekan katut metode alanyar anu bisa dilarapkeun ku urang, boh tina
hasil sawala, panataran boh tina buku-buku atikan. Anu kudu diperhatikeun teh
nyaeta pamarekan katut metode anu dicoba ku urang kudu gampang kaharti ku
murid, luyu jeung daya nalar katut daya rasa murid, ‘ulah puraga tamba
kadenda’. Hasil henteuna hiji pamarekan atawa metode bakal katangen tina
robahna para murid dina tataran kanyahona ngeunaan teori atawa pangaweruh
(kognisi), kaluhungan rasa kamanusaan (afektif), sarta kaparigelan ngagunakeun pangaweruhna
(psikomotor). Salaku pangajar basa Sunda
sim kuring pribadi ngarasa masih keneh hemeng pikeun ngaronjatkeun
kaparigelan nulis para murid, ari kaparigelan maca, ngaregepkeun jeung nyarita
mah geus kapanggih metode katut pamarekan anu luyu. Umumna para murid ngarasa
beurat lamun geus dititah ngarang atawa nulis.
Para
guru mangrupa jalma anu dibere amanah ku
masarakat pikeun ngatik jeung ngadidik muridna supaya jadi manusa utama. Ku
kituna guru teh kudu jadi jadi jalma anu bisa ngariksa amanahna. Murid mangrupa
amanah anu dititipkeun ku kolotna pikeun dididk di sakola. Guru kudu ngaping
para murid pikeun mikanyaho kana hakekat bebeneran hiji pangajaran. Tunjukkeun
mana bebeneran anu sajati. Salian ti eta dina ngalakonan amanah dibutuhkeun
sikep jeung karep anu keyeng sarta mayeng. Harti keyeng nyaeta guru teh kudu
mibanda sumanget jeung tekad nu gede, ari mayeng hartina migawe pancen teh kudu
tuluy- tumuluy henteu geledug ces (futur). Jauhkeun sikep ngedul, mumul jeung
mintul sabab bisa ngabalukerkeun mamala ka diri sarta ka para murid.
Dina ngatik sarta ngadidik, guru teh kudu mibanda sikep welas
asih sarta leuleuy dina nyangharepan sagala paripolah murid. Guru
dipahing ulah babari ambek, sahaok kadua gaplok. Guru teh kudu sabar dina
ngalakonan pancenna. Guru pikeun sakurna guru anu wajib diconto dina ngatik
jeung ngadidik murid nyaeta Rasulullah SAW. Anjeunna mibanda pribadi anu lemes,
hade budi parangina, asih sarta hampuraan ka batur. Sawadina sakumna guru guguru kana pribadi Rasul. Welas asih
ka murid kudu dilakukeun sacara adil sarta pinuh rasa tanggug jawab. Lamun perlu ngahukum
murid bere hukuman anu ngadidik, kitu oge dina mere pujian, puji murid sacara
basajan, bisa ngaliwatan ucapan atawa pamere nu mangrupa hadiah ‘reward’
anu aya mangpaatna. Anu kudu diinget ku
para guru nyaeta ulah sakali-kali nepikeun hinaan sarta katugenah urang ka
murid di hareupeun babaturanna atawa guru nu sejen, sabab bakal nimbulkeun rasa
anti pati jeung murid ngarasa leungiteun ajen dirina. Lamun rek mere pituah
ajak murid kahiji
ruangan,
diuk urang ulah ciga jaksa anu keur mariksa sakitanana. Usahakeun urang
diuk ngarendeng jeung murid henteu diuk pahareup-hareup. Eta cara digunakeun supaya
murid ngarasa deukeut ka guru, teu ngarasa dipencrong, ku jalan kitu dipiharep sagala bangbaluh bisa
ditungkulan sarta pituduh ti urang bisa
diserep kalayan tumaninah tampa aya rasa kapaksa.
Saterusna
guru teh dipahing henteu boga sikep materialistis, guru henteu ngajadikeun
muridna ladang bisnis. Misalna wae ku jalan ngajual diktat atawa LKS ku cara
maksa. Urang remen mireng istilah
‘diktator’ ngajual diktat meuli motor atawa UUD Ujung-Ujungna Duit. Istilah-istilah tadi kudu pisan
dipahing ku urang. Lain teu meunang neangan kauntungan tapi kudu diluyukeun ku
itungan ekonomi anu saimbang. Anu kudu dicekel pageuh nyaeta sikep ‘zuhud’ kana
dunya. Bayangkeun kumaha jadinya upama guru leuwih mentingkeun kadunyaan
tibatan tujuan utamana. Ku kituna supaya para guru bisa muserkeun panitenna
kana pancen, sim kuring meredih ka pihak-pihak anu aya patula- patalina supaya
merhatikeun karaharjaan hirup para guru. Sim kuring yakin harepan pikeun
ngawujudkeun panerus bangsa anu unggul, wujud insan kamil baris kacumponan.
Dina
ngalakonan pancen, guru kudu mancegkeun niat anu iklas. Ku hate nu iklas moal timbul
rasa hayang meunang sorangan, hayang kapuji, sarta sifat goreng sangka ka
batur. Sabalikna bakal timbul sikep-sikep nu mulya nu bakal jadi cukang
lantaran pikeun leuwih deukeut ka Allah SWT. Niatkeun pancen ngadidik murid teh
lillahi karena Allah, niatkeun keur ibadah. Ku sabab kitu sawadina sikep iklas
dijadikeun dadasar diri, sabab sikep iklas bakal nangtukeun ajen diri hiji
jalma.
Dina
pangajaran di kelas sakumna guru boga pancen-pancen anu maneuh nyaeta salaku informator atawa sumber informasi elmu pangaweruh,
organisator atawa nu ngokolakeun kagiatan diajar ngajar, konduktor
atawa ngatur kasaluyuan kagiatan diajar ngajar luyu jeung sasaran nu tangtu,
katalisator atawa anu ngalantarankeun tujuan gampang kahontal, pangaping atawa
anu ngarahkeun sakaumna proses diajar ngajar, inisiator atawa anu ngahudang
karep murid supaya timbul gerak gawe anu sehat, moderator atawa panganteur
murid kana masalah anu kudu ditungkulan,
transistor atawa nyebarkeun
elmu, ide,
aturan sarta kawijakan para
pamingpin, evaluator atawa anu mere ajen
kana proses diajar ngajar, administrator atawa anu
ngokolakeun administrasi anu hade pangpangna anu aya patalina jeung hasil
rarancang, palaksanaan, jeung evaluasi. Salian ti hal-hal anu disebutkeun di
luhur guru ge diperedih boga kompetensi atikan enggoning ngalaksanakeun
pancenna.
Pikeun
guru pangajaran basa Sunda dina ngalaksanakeun pancenna sakapeng sok
pagedug jeung kaayaan masarakat atawa
murid kiwari anu katembong teu sakumna mikareueus kana basa Sunda. Nepi ka aya
nu jentre ngebrehkeun yen ulah waka reueus ku nempo angka statistik nu
netelakeun urang Sunda teh sakitu lobana lantaran tetela geus loba deuih anu
ngagunakeun basa Indonesia dina komunikasi formal atawa informal. Jadi tetela
anu disanghareupan ku guru basa Sunda di sakola nyaeta sikep urang Sunda sorangan kana
basa Sunda. Kudu kumaha atuh ngungkulanana? Nu pangheulana nyaeta basa Sunda
kudu dikokolakeun babakuna di SD, lantaran ceuk teori para ahli nu hade pikeun
diajar basa teh dina umur kurang tina dua welas taun. Tah sikep jeung
pangaresep teh ti dinya pisan panginditanana. Tapi lain hartina di sakola anu
leuwih luhur teu kudu dipalire deui.
Saterusna
para guru basa Sunda sakapeng sok rumahuh ngeunaan prioritas jam pangajaran
basa Sunda anu dinomer saanukeun tibatan pangajarn nu lian. Basa Sunda sok
remen disimpen dina jam-jam ahir, pokona jam-jam anu situasi guru jeung murid
sarua geus maralak heuay. Nu penting mah
naha eta waktu teh geus dimangpaatkeun sacara optimal atawa acan.
Lamun
sakabeh hal-hal di luhur kapimilik ku para guru, tinangtu bakal ngahasilkeun
guru tuladeun, sarta hal-hal anu ditetelakeun
tadi mangrupa hakekat tina guru tuladeun,guru anu bisa ngigelkeun sarta ngigelan jaman.
Guru anu teu rumahuh dina ngalakonan sagala kagiatanana anu teu saeutik panggih jeung halangan katut pasualan, guru anu parigel
ngungkulan pasualan jeung halangan jadi luang pangalaman keur dirina. Guru anu
rengkak paripolahna gugon nyekel pageuh kana tatakrama kasundaan, hukum agama
jeung nagara. Panungtun umat kana jalan Allah.
Mugia Allah SWT marengan lengkah katut karep para guru. Cag...
Sukabumi, 26 Desember 2009
Panulis,
Ade
Irma Verasari, S.Pd
wawakil ti SMPN 8 Kota Sukabumi
*naskah ini adalah naskah penulis
waktu memenangkan juara 1 Lomba Mengarang Tingkat Guru (SD, SMP dan SMA) dalam HUT Kota Sukabumi Tahun 2007 dan
sebagai naskah dalam pemilihan piagam Harjdapamekas (guru basa sunda
berprestasi) di provinsi Jawa Barat 2009
Tidak ada komentar:
Posting Komentar