Si Kabayan Ngala Nangka
“Wah,
moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku
Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus
kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.
Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.
“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”
“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.
“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.
“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.
“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.
“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos.
(Tina Lima Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk,)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar