Senin, 10 Desember 2012

sisindiran/pantun



Narasi Tempas Sindir
Galauna Para Jurig

a. Bubuka
(Rampak nembangkeun kawih sisindiran (lagu Kaso Pondok)
Sisindiran sisindiran
Sindir sampir gogonjakan
Sisindiran sisindiran
Warisan karuhun urang

Sisindiran sisindiran
Sindir sampir gogonjakan
Sisindiran sisindiran
Omat ulah kasindiran

Sisindiran sisindiran
Sindir sampir gogonjakan
Sisindiran sisindiran
Ngageuing diri sorangan

b. Paguneman
(Para pamaen paguneman silih tempas bari pepeta numutkeun tokohna sewang-sewang)

Narator:

Ka Cikarang meuli uyah
Meuli suling di ampera
Hayu urang suka bungah
Ramekeun ieu acara

                        Ngala hurang wanci lohor
                        Ngala saga pikeun ubar
                        Sukabumi tangtu sohor
                        Lamun wargana motekar

Meuli hurang ka pananjung
Meuli minyak dina botol
Sukabumi bakal nanjung
Lamun rahayatna getol

Narator : Ke ke heula, aduh, aduh itu saha…. Beu beu… geuning kuring teh  diriung ku ju ju ju riiiiiiig  jeung ri ri ri riiiii waaaa hungkuuuuuulllll ….. tuluuuuuuuuuung……..!! (Kaluar)

Jurig 1 : Wah…. Borangan geuning manusa teh… he he he…. He he he…. He he he he he….heeee… geus we urang jeung babaturan nu tempas sidirna ah….

Saninten dibawa rugi
Kuriak engke kabita
Hapunten ka para wargi
Kuring jurig Cina tea……..( clok clok aclok-aclokan)

Hi hi hi hi……….. (sora kunti)

Saninten dibawa murag
Meunang hurang tina kulah
Hapunten ka para warga
Nyi kunti anu katelah…… (Kukurililngan bari nyingsieunan)

Dialog Jurig /pocong: Kuring sarerea teh nyicingan kuburan  taman Rohmat anu aya di lingkungan kalurahan Gedong Panjang…… kuring jeung batur-batur ngarasa kaganggu ku sabab akhir-akhir ieu loba barudak anu ngadon barobogohan di makam…..hmmmmm… tuh tempo geura……euh euh…wikwiiiiiwww prikitiw…..

(Aya dua pasang rumaja nu keur ngadon barobogohan di makam)

Pasangan kahiji:
Mawa peso jeung balati
Diasah heula didadak
Duh eneng pujaan ati
Akang sono hoyong pendak

Mun rek nyaba ka Cikoneng
Ulah di engke-engkekeun
Akang teh pujaan Eneng
Siang wengi kabayangkeun

                                   
                                    Pasangan kadua:
                                    Ka Cibogo meuli kaset
                                    Balikna rek tumpak sado
                                    Kabogoh teuing ku kasep
                                    Ganteng lir Dude herlino

                                    Ka Cirata meuli hiris
                                    Balikna mawa japati
                                    Kabogoh teing ku geulis
                                    Nyeples lir Nikita Willy

Jurig/kunti: He he….. so sweet….. tapi heuhhhhhhh kalah bobogohan di  tempat kieu….. siga euweuh tempat sejen wae…. Ampuuuunnn……L jeung deuih lain dialajar padahal isuk the pan poe Senen kalah der barobogohan… euewuh kaera pisan….

Jurig Cina: Heu heuh hayaaahhhh…. Oye oge ka ganggu pisan…. Sakalian we urang heureuyan nhgarah sarieuneun ka dieu yu….

(Jurig ngaganggu nu keur bobogohan, tuluy nu bobogohan ngajarerit bakating ku sieun terus ninggalkeun tempat eta)

(Di tempat sejen aya Ronda nu keur ngontrol jalan tuluy dialog tempas sindir)

Ronda 1:
Meuli sate ka Cilamping
Balikna rek tumpak delman
Pa Erte nitah siskamling
Supaya lingkungan aman

Majar maneh tumpak Honda
Singhoreng tumpak keretek
Majar maneh rek ngaronda
Singhoreng rek ngadon kerek… (Bari nunjuk ronda 2 nu keur kerek…)

(Nu kerek hudang tuluy kukuliatan bari sisindiran)

Ka Cijulang tumpak kuda
Tangtu ginding make topi
Lamun melang ka nu ronda
Sing sering ngirim cikopi

(Keur kitu pasangan nu bobogohan ngaliwat ka dinya bari tulung-tulungan ka Ronda)

Pasangan 1:


Mun geus basi gewat piceun 
Make jaket mun ngagibrig
Di makam teuing ku sieun
Kuring nempo loba jurig

(Aya kunti, jurig Cina, pocong ihhhhhhh……)

Ronda:
Na keur naon atuh los-los ka makam wayah kieu…. Hayoh barobogohan nyahhhh, matak oge tong sok barobogohan di makanm atuh jang…

Tumpak kuda di Cikarang
Jalanna sok osok ham-ham
Pamuda di kampong urang
Tong bobogohan di makam

(Keur kitu torojol Pa Lurah jeung Pa RT)

Tumpak kuda ka Cipari
Tumpak kahar sugan bisa
Pamuda jaman kiwari
Kudu loba pangabisa (Bari nepakan para pamuda jeung pamudi)

Meuli rante reujueng parang
Meuli sugu eukeur nyerut
Pa Lurah pamingpin urang
Kudu digugu diturut

Narator: Sakitu pintonan nu tiasa kasanggakeun, maksadna teu aya sanes hoyong ngedalkeun kareteg angen….. Hatur nuhun kana perhatosan para wargi….. cag…..





                                                                         Sukabumi, 20 Maret 2012
                                                                         Panulis,

                                                                         Ade Irma Verasari, S.Pd       

                                                                                   

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Biografi Kepenulisan Blogger

Komunitas Guru Menulis Komunitas bagi para guru/dosen yang se...