Rabu, 05 Desember 2012

Novel Sunda Munggaran

resensi novel Baruang Ka Nu Ngarora

           Judul Buku : Baruang Ka Nu Ngarora
Pangarang : D.K. Ardiwinata
Taun terbit : 1914
Kandelna buku : 148 Kaca
Eusi :
Novel Ieu teh miboga Maksud anu hade nyaeta mere conto yen jalma anus ok ngalajur nafsu teh matak cilaka ka manehna tur ka kulawargana. Ieu Novel teh nyaritakeun dua lingkungan dina jaman baheula.
Nu geus kawentar nyaeta lingkungan bangsawan jeung lingkungan pedagang (rahayat biasa). Dina ieu novel oge remen nyampak kabiasaan kabiasaan dina jaman harita, nu harita mah dijadikeun sarana hiburan, jeung sifatna kaagamaan nu ayeuna geus euweuh laratanana lantaran geus kapangaruhan ku budaya global nu mangrupa – rupa.
Salian ti eta, oge aya kabiasaan jaman baheula nu kurang layak nyaeta sok sawenang wenang nu akhirna ngabalukarkeun sikep nu handap kana hak manusa sewang sewangan.
Baruang ka nu ngarora nyaritakeun atawa ngalakonkeun Ujang Kusen, Nyi Rapiah, jeung Aom Usman dina jaman menak sok sawenang wenang (feodalisme). Aom Usman hoyongeun pisan ka nyi rapiah, tapi nyi rapiah geus jadi pamajikan Ujang Kusen. Ku Aom Usman, terus we nyi Rapiah teh diberik sangkan beunang, nepi ka nyi Rapiah pepegatan jeung Ujang Kusen, sanggeus pepegatan nyi rapiah dikawin ku Aom Usman nepi ka di wayuh, Aom Usman kawin deui kanu sadarajat jeung manehna nyaeta Agan Sariningrat. Ari Ujang Kusen di hukum bui di buang ka Surabaya kusabab ku bapana dituding maling duit anu minantuna.
About these ads

1 komentar:

Biografi Kepenulisan Blogger

Komunitas Guru Menulis Komunitas bagi para guru/dosen yang se...