Kamis, 06 Desember 2012

Dongeng Si Kabayan

Si Kabayan Moro Uncal

gambar-21.jpgIsuk kénéh Si Kabayan jeung mitohana geus harudang, lantaran poé éta rayahat rék moro uncal.
Urang kampung geus saraged, maké calana sontog, samping dibeubeurkeun kana cangkéng, bedog panjang nyolégréng. Sawaréh marawa tumbak. Anjing ragég geus hayangeun geura ngudag boroan ka leuweung.
Nénjo batur saraged téh Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manéhna mah ngaléléké, maké sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, manéhna mah kalah mawa péso raut.
“Keur naon mawa péso raut, Kabayan?” tatanggana nanya.
“Keur nyisit uncal,” jawabna.
Nu rék moro laju indit. Tepi ka leuweung, der ngasruk. Anjing ragég ti kulon, ti kalér, ti wétan. Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah kidul, lebah bubulak.
Ari Si Kabayan misahkeun manéh. Manéhna mah nangtung handapeun tangkal jambu batu bari tatanggahan, néangan jambu asak.
Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero, “Pegaat…!”
Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol téh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.
Si Kabayan can nyahoeun uncal. Cék pangirana uncal téh sagedé anak embé. Nu matak barang nénjo sato nu siga kuda bari tandukan téh, ngan térékél wé manéhna naék kana tangkal jambu. Teu bisa luhur naékna téh da kagok ku sarung. Manéhna nangkod kana dahan panghandapna, sarungna ngoyondon.
Kabeneran uncal téh lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun kaparud ku tanduk uncal nu sakitu ranggahna.
Si kabayan teu kira-kira reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti handap. Ari diténjo horéng tanduk uncal téh meulit kana sarungna. Uncal ngarengkog, tuluy babadug hayang ngalésotkeun tandukna. Kadéngé ambekanan hos-hosan. Si Kabayan beuki pageuh muntangna, uncal beuki rosa ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh kabeulit ku sarung. Si Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan.
“Tuluuuuung….tuluuunngg…., ieu aing ditubruk uncal…!” Si Kabayan gegeroan ménta tulung.
Teu lila burudul nu moro nyalampeurkeun. Nénjo uncal abrug-abrugahn téh, teu antaparah deui belewer wé ditumbak. Uncal ngajéngjéhé. Jekok-jekok pada ngadékan tepi ka rubuhna. Uncal ngajoprak. Si Kabayan gé ngalungsar gigireunana bari rénghap ranjug.
Nu ngariung uncal hélokeun.
“Kumaha ditéwakna ucal sakieu badagna, Kabayan?”
Si Kabayan nangtung lalaunan bari cungar-cengir., “Ah gampang. Uncal mengpengan ka handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup wéh tandukna ku sarung . Tuh geuning sarungna ogé tepi ka rangsak saroéh. Geus karungkup mah teu hésé, kari marieuskeun wé tandukna.”
Saréréa gogodeg. Ari Si Kabayan padamuji téh nyéréngéh wé bari ngusapan tuurna nu barared.
Uncal pada ngarecah. Si Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan.
(Tina Gapura Basa Jilid 2, Karya Drs. Hidayat Suryalaga, spk.)

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar