Kamis, 06 Desember 2012

Novel Barudak Sunda nu Munggaran

CARITA NYI HALIMAH


Samsoedi
Carita Nyi Halimah ngalalakonkeun katawekalan budak awéwé anu katalangsara. Indung-bapana anu asalna beunghar jadi jelema masakat. Basa bapana diasupkeun ka pangbérokan alatan pite­nah deungeun, indungna kagegeringan nepi ka han­teuna pisan. Saterusna Nyi Halimah cicing di ninina bari digawé di imah Nyonya Linn. Basa ka­pang­gih metik kekembangan di kebon pipireun ge­dong dununganana, manéhna disiksa ku Nyo­nya Linn nepi ka asa bubuk huluna, getih tina si­rah­na nyarakclakan kana bajuna. Waktu keur nye­kar di kuburan indungna, manéhna kapanggih ku tuan nu keur bebedil, tuluy diajak digawé di imahna. Ti harita manéhna teu ken­dat-kendat meunang rupa-rupa cocoba anu kacida beuratna, nepi ka nga­laman diasupkeun ka pangbérokan sagala rupa.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Biografi Kepenulisan Blogger

Komunitas Guru Menulis Komunitas bagi para guru/dosen yang se...