Senin, 10 Desember 2012

Essay



Tarekah pikeun Ngaronjatkeun Kualitas Manajemen/Ngokolakeun jeung  Ngalaksanakeun Kawijakan Lembaga Tempat Ngabdikeun Diri

            Ngatik jeung ngadidik mangrupa pancen lulugu pikeun para guru. Eta pancen teh kawilang beurat sabab guru diperedih mampuh medarkeun para nonoman sirung-sirung panerus bangsa anu pinunjul. Pikeun ngahontal eta tujuan guru kudu terus motekar ngaronjatkeun karep sarta kaparigelan pikeun ngokolakeun diri  atawa manajemen diri katut lembaga tempat ngabdikeun diri. Sim kuring baris medar sawatara hal anu kudu dipimilik katut ditatahar ku para guru supaya hasil dina pancenna sarta malar pagawean guru teh tetep disawang salaku pagawean anu luhur ajen-inajen darajatna boh dina sawangan masarakat kamari, kiwari katut pingburi.
            Guru teh kudu jadi tuladeun, hiji dedeg anu digugu jeung ditiru ku muridna ulah jadi dedeg  anu wagu jeung kuru. Guru kudu jadi dedeg figur hiji jalma anu satincak paripolahna henteu sulaya tina ucapanna, komo deui pikeun guru basa Sunda mah tindak-tanduk sarta ucapanna teu meunang mengpar tina tatakrama kasundaan. Contona dina ngalarapkeun undak-usuk basa Sunda, boh nu lemes keur urang boh nu lemes keur batur atawa basa loma.  Kiwari undak-usuk basa Sunda teh arang pisan digunakeun ku para murid kalawan bener. Salaku muslim urang boga pancen pikeun ngadegkeun akhlak nu Islami. Lamun sakabeh guru boga dedeg anu digugu jeung ditiru  boh dina tatakramana kasundaan boh dina akhlakna tinangtu udagan pikeun ngawujudkeun murid salaku jalma anu masagi dina elmu pangaweruh, hade gogog hade tagog, sarta mulya akhlakna bisa kacumponan. Antukna visi anu jembar (holistik) tina proses diajar saumur hirup (long live education) geusan ngahontal manusa anu mibanda akhlakulkarimah, manusa anu bisa nyangharepan paneka jaman  bisa kasubadanan.
            Hal anu saterusna nyaeta guru diperedih boga karep anu gede dina ngaronjatkeun kaparigelan ngalarapkeun metode katut pamarekan dina nepikeun pangajaran, nepi ka nimbulkeun daya panarik jeung daya karep anu gede ti para murid ilu biung dina lumangsungna proses diajar. Guru kudu tapis sarta parigel nalika milah   sarta milih metode mana nu luyu keur materi ieu, mana nu payus keur materi itu. Metode atawa cara sarta tehnik pangajaran mangrupa komponen anu gede pangaruhna  kana   kalancaran   lumangsungna  proses diajar  ngajar.  Metode  anu  disusun  kudu  luyu  jeung  karakteristik  tujuan  jeung situasi      anu   bakal dihontal. Kiwari euyeub pisan  pamarekan katut metode alanyar anu bisa dilarapkeun ku urang, boh tina hasil sawala, panataran boh tina buku-buku atikan. Anu kudu diperhatikeun teh nyaeta pamarekan katut metode anu dicoba ku urang kudu gampang kaharti ku murid, luyu jeung daya nalar katut daya rasa murid, ‘ulah puraga tamba kadenda’. Hasil henteuna hiji pamarekan atawa metode bakal katangen tina robahna para murid dina tataran kanyahona ngeunaan teori atawa pangaweruh (kognisi), kaluhungan rasa kamanusaan (afektif),  sarta kaparigelan ngagunakeun pangaweruhna (psikomotor). Salaku pangajar basa Sunda  sim kuring pribadi ngarasa masih keneh hemeng pikeun ngaronjatkeun kaparigelan nulis para murid, ari kaparigelan maca, ngaregepkeun jeung nyarita mah geus kapanggih metode katut pamarekan anu luyu. Umumna para murid ngarasa beurat lamun geus dititah ngarang atawa nulis.
            Para guru mangrupa jalma  anu dibere amanah ku masarakat pikeun ngatik jeung ngadidik muridna supaya jadi manusa utama. Ku kituna guru teh kudu jadi jadi jalma anu bisa ngariksa amanahna. Murid mangrupa amanah anu dititipkeun ku kolotna pikeun dididk di sakola. Guru kudu ngaping para murid pikeun mikanyaho kana hakekat bebeneran hiji pangajaran. Tunjukkeun mana bebeneran anu sajati. Salian ti eta dina ngalakonan amanah dibutuhkeun sikep jeung karep anu keyeng sarta mayeng. Harti keyeng nyaeta guru teh kudu mibanda sumanget jeung tekad nu gede, ari mayeng hartina migawe pancen teh kudu tuluy- tumuluy henteu geledug ces (futur). Jauhkeun sikep ngedul, mumul jeung mintul sabab bisa ngabalukerkeun mamala ka diri sarta ka para murid.
            Dina  ngatik  sarta    ngadidik, guru teh kudu mibanda sikep welas asih sarta leuleuy dina nyangharepan sagala paripolah murid. Guru dipahing ulah babari ambek, sahaok kadua gaplok. Guru teh kudu sabar dina ngalakonan pancenna. Guru pikeun sakurna guru anu wajib diconto dina ngatik jeung ngadidik murid nyaeta Rasulullah SAW. Anjeunna mibanda pribadi anu lemes, hade budi parangina, asih sarta hampuraan ka batur. Sawadina sakumna guru guguru kana pribadi Rasul. Welas asih ka murid kudu dilakukeun sacara adil sarta pinuh rasa tanggug jawab. Lamun perlu ngahukum murid bere hukuman anu ngadidik, kitu oge dina mere pujian, puji murid sacara basajan, bisa ngaliwatan ucapan atawa pamere nu mangrupa hadiah ‘reward’ anu  aya mangpaatna. Anu kudu diinget ku para guru nyaeta ulah sakali-kali nepikeun hinaan sarta katugenah urang ka murid di hareupeun babaturanna atawa guru nu sejen, sabab bakal nimbulkeun rasa anti pati jeung murid ngarasa leungiteun ajen dirina. Lamun   rek mere    pituah     ajak  murid  kahiji  ruangan,  diuk urang ulah ciga jaksa anu keur mariksa sakitanana. Usahakeun urang diuk ngarendeng jeung murid   henteu diuk pahareup-hareup. Eta cara digunakeun supaya murid ngarasa deukeut ka guru, teu ngarasa dipencrong,  ku jalan kitu dipiharep sagala bangbaluh bisa ditungkulan sarta pituduh  ti urang bisa diserep kalayan  tumaninah tampa  aya rasa kapaksa.
            Saterusna guru teh dipahing henteu boga sikep materialistis, guru henteu ngajadikeun muridna ladang bisnis. Misalna wae ku jalan ngajual diktat atawa LKS ku cara maksa. Urang remen  mireng istilah ‘diktator’ ngajual diktat meuli motor atawa UUD Ujung-Ujungna  Duit. Istilah-istilah tadi kudu pisan dipahing ku urang. Lain teu meunang neangan kauntungan tapi kudu diluyukeun ku itungan ekonomi anu saimbang. Anu kudu dicekel pageuh nyaeta sikep ‘zuhud’ kana dunya. Bayangkeun kumaha jadinya upama guru leuwih mentingkeun kadunyaan tibatan tujuan utamana. Ku kituna supaya para guru bisa muserkeun panitenna kana pancen, sim kuring meredih ka pihak-pihak anu aya patula- patalina supaya merhatikeun karaharjaan hirup para guru. Sim kuring yakin harepan pikeun ngawujudkeun panerus bangsa anu unggul, wujud insan kamil baris kacumponan.
            Dina ngalakonan pancen, guru kudu mancegkeun niat anu iklas. Ku hate nu iklas moal timbul rasa hayang meunang sorangan, hayang kapuji, sarta sifat goreng sangka ka batur. Sabalikna bakal timbul sikep-sikep nu mulya nu bakal jadi cukang lantaran pikeun leuwih deukeut ka Allah SWT. Niatkeun pancen ngadidik murid teh lillahi karena Allah, niatkeun keur ibadah. Ku sabab kitu sawadina sikep iklas dijadikeun dadasar diri, sabab sikep iklas bakal nangtukeun ajen diri hiji jalma.
            Dina pangajaran di kelas sakumna guru boga pancen-pancen  anu maneuh nyaeta   salaku   informator   atawa   sumber   informasi   elmu  pangaweruh,  organisator  atawa nu  ngokolakeun kagiatan diajar ngajar, konduktor atawa ngatur kasaluyuan kagiatan diajar ngajar luyu jeung sasaran nu tangtu, katalisator atawa anu ngalantarankeun tujuan gampang kahontal, pangaping atawa anu ngarahkeun sakaumna proses diajar ngajar, inisiator atawa anu ngahudang karep murid supaya timbul gerak gawe anu sehat, moderator atawa panganteur murid kana masalah anu kudu ditungkulan,   transistor   atawa     nyebarkeun     elmu,    ide,  aturan  sarta kawijakan para pamingpin, evaluator atawa  anu mere ajen  kana  proses diajar ngajar, administrator atawa anu ngokolakeun administrasi   anu   hade  pangpangna anu aya patalina jeung hasil rarancang, palaksanaan, jeung evaluasi. Salian ti hal-hal anu disebutkeun di luhur guru ge diperedih boga kompetensi atikan enggoning ngalaksanakeun pancenna.
            Pikeun guru pangajaran basa Sunda dina ngalaksanakeun pancenna sakapeng sok pagedug  jeung kaayaan masarakat atawa murid kiwari anu katembong teu sakumna mikareueus kana basa Sunda. Nepi ka aya nu jentre ngebrehkeun yen ulah waka reueus ku nempo angka statistik nu netelakeun urang Sunda teh sakitu lobana lantaran tetela geus loba deuih anu ngagunakeun basa Indonesia dina komunikasi formal atawa informal. Jadi tetela anu disanghareupan ku guru basa Sunda di  sakola nyaeta sikep urang Sunda sorangan kana basa Sunda. Kudu kumaha atuh ngungkulanana? Nu pangheulana nyaeta basa Sunda kudu dikokolakeun babakuna di SD, lantaran ceuk teori para ahli nu hade pikeun diajar basa teh dina umur kurang tina dua welas taun. Tah sikep jeung pangaresep teh ti dinya pisan panginditanana. Tapi lain hartina di sakola anu leuwih luhur teu kudu dipalire deui.   
            Saterusna para guru basa Sunda sakapeng sok rumahuh ngeunaan prioritas jam pangajaran basa Sunda anu dinomer saanukeun tibatan pangajarn nu lian. Basa Sunda sok remen disimpen dina jam-jam ahir, pokona jam-jam anu situasi guru jeung murid sarua geus maralak heuay.  Nu penting mah naha eta waktu teh geus dimangpaatkeun sacara optimal atawa acan.
            Lamun sakabeh hal-hal di luhur kapimilik ku para guru, tinangtu bakal ngahasilkeun guru tuladeun,   sarta   hal-hal   anu  ditetelakeun tadi mangrupa hakekat tina guru tuladeun,guru anu bisa ngigelkeun sarta ngigelan jaman. Guru   anu   teu  rumahuh dina   ngalakonan sagala kagiatanana anu teu saeutik panggih jeung  halangan katut pasualan, guru anu parigel ngungkulan pasualan jeung halangan jadi luang pangalaman keur dirina. Guru anu rengkak paripolahna gugon nyekel pageuh kana tatakrama kasundaan, hukum agama jeung nagara. Panungtun umat kana jalan Allah.  Mugia Allah SWT marengan lengkah katut karep para guru. Cag...
                                                                           









             Sukabumi, 26 Desember 2009
             Panulis,  
                                                                                                                      
                                                                                   

             Ade Irma Verasari, S.Pd
             wawakil ti SMPN 8 Kota Sukabumi


*naskah ini adalah naskah penulis waktu memenangkan juara 1 Lomba Mengarang Tingkat Guru (SD, SMP dan SMA)  dalam HUT Kota Sukabumi Tahun 2007 dan sebagai naskah dalam pemilihan piagam Harjdapamekas (guru basa sunda berprestasi) di provinsi Jawa Barat 2009











 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Biografi Kepenulisan Blogger

Komunitas Guru Menulis Komunitas bagi para guru/dosen yang se...