Narasi
Tempas Sindir
Galauna
Para Jurig
a. Bubuka
(Rampak
nembangkeun kawih sisindiran (lagu Kaso Pondok)
Sisindiran sisindiran
Sindir sampir gogonjakan
Sisindiran sisindiran
Warisan karuhun urang
Sisindiran sisindiran
Sindir sampir gogonjakan
Sisindiran sisindiran
Omat ulah kasindiran
Sisindiran sisindiran
Sindir sampir gogonjakan
Sisindiran sisindiran
Ngageuing diri sorangan
b. Paguneman
(Para pamaen paguneman silih tempas bari
pepeta numutkeun tokohna sewang-sewang)
Narator:
Ka Cikarang meuli uyah
Meuli suling di ampera
Hayu urang suka bungah
Ramekeun ieu acara
Ngala hurang wanci lohor
Ngala saga pikeun ubar
Sukabumi tangtu sohor
Lamun wargana motekar
Meuli hurang ka pananjung
Meuli minyak dina botol
Sukabumi bakal nanjung
Lamun rahayatna getol
Narator : Ke ke heula, aduh, aduh itu
saha…. Beu beu… geuning kuring teh diriung ku ju ju ju riiiiiiig jeung ri ri ri riiiii waaaa hungkuuuuuulllll
….. tuluuuuuuuuuung……..!! (Kaluar)
Jurig 1 : Wah…. Borangan geuning manusa
teh… he he he…. He he he…. He he he he he….heeee… geus we urang jeung babaturan
nu tempas sidirna ah….
Saninten dibawa rugi
Kuriak engke kabita
Hapunten ka para wargi
Kuring jurig Cina tea……..( clok clok
aclok-aclokan)
Hi hi hi hi……….. (sora kunti)
Saninten dibawa murag
Meunang hurang tina kulah
Hapunten ka para warga
Nyi kunti anu katelah…… (Kukurililngan
bari nyingsieunan)
Dialog Jurig /pocong: Kuring sarerea teh nyicingan
kuburan taman Rohmat anu aya di
lingkungan kalurahan Gedong Panjang…… kuring jeung batur-batur ngarasa kaganggu
ku sabab akhir-akhir ieu loba barudak anu ngadon barobogohan di makam…..hmmmmm…
tuh tempo geura……euh euh…wikwiiiiiwww prikitiw…..
(Aya dua pasang rumaja nu keur ngadon barobogohan di
makam)
Pasangan kahiji:
Mawa peso jeung balati
Diasah heula didadak
Duh eneng pujaan ati
Akang sono hoyong pendak
Mun rek nyaba ka Cikoneng
Ulah di engke-engkekeun
Akang teh pujaan Eneng
Siang wengi kabayangkeun
Pasangan
kadua:
Ka
Cibogo meuli kaset
Balikna
rek tumpak sado
Kabogoh
teuing ku kasep
Ganteng
lir Dude herlino
Ka
Cirata meuli hiris
Balikna
mawa japati
Kabogoh
teing ku geulis
Nyeples
lir Nikita Willy
Jurig/kunti: He he….. so sweet….. tapi heuhhhhhhh
kalah bobogohan di tempat kieu….. siga
euweuh tempat sejen wae…. Ampuuuunnn……L
jeung deuih lain dialajar padahal isuk the pan poe Senen kalah der barobogohan…
euewuh kaera pisan….
Jurig Cina: Heu heuh hayaaahhhh…. Oye oge ka ganggu
pisan…. Sakalian we urang heureuyan nhgarah sarieuneun ka dieu yu….
(Jurig ngaganggu nu keur bobogohan, tuluy nu bobogohan
ngajarerit bakating ku sieun terus ninggalkeun tempat eta)
(Di tempat sejen aya Ronda nu keur ngontrol jalan
tuluy dialog tempas sindir)
Ronda 1:
Meuli sate ka Cilamping
Balikna rek tumpak delman
Pa Erte nitah siskamling
Supaya lingkungan aman
Majar maneh tumpak Honda
Singhoreng tumpak keretek
Majar maneh rek ngaronda
Singhoreng rek ngadon kerek… (Bari nunjuk ronda 2 nu
keur kerek…)
(Nu kerek hudang tuluy kukuliatan bari sisindiran)
Ka Cijulang tumpak kuda
Tangtu ginding make topi
Lamun melang ka nu ronda
Sing sering ngirim cikopi
(Keur kitu pasangan nu bobogohan ngaliwat ka dinya
bari tulung-tulungan ka Ronda)
Pasangan 1:
Mun geus basi gewat piceun
Make jaket mun ngagibrig
Di makam teuing ku sieun
Kuring nempo loba jurig
(Aya kunti, jurig Cina, pocong ihhhhhhh……)
Ronda:
Na keur naon atuh los-los ka makam wayah kieu…. Hayoh
barobogohan nyahhhh, matak oge tong sok barobogohan di makanm atuh jang…
Tumpak kuda di Cikarang
Jalanna sok osok ham-ham
Pamuda di kampong urang
Tong bobogohan di makam
(Keur kitu torojol Pa Lurah jeung Pa RT)
Tumpak kuda ka Cipari
Tumpak kahar sugan bisa
Pamuda jaman kiwari
Kudu loba pangabisa (Bari nepakan para pamuda jeung
pamudi)
Meuli rante reujueng parang
Meuli sugu eukeur nyerut
Pa Lurah pamingpin urang
Kudu digugu diturut
Narator: Sakitu pintonan nu tiasa kasanggakeun,
maksadna teu aya sanes hoyong ngedalkeun kareteg angen….. Hatur nuhun kana
perhatosan para wargi….. cag…..
Sukabumi, 20 Maret 2012
Panulis,
Ade Irma Verasari, S.Pd